Sony Xperia Z5 Compact - Bewara

background image

Ketok dua kali bar status pikeun minton panel Bewara.

2

Ketok rekaman layar.

Anjeun bisa oge nempo rekaman layar Anjeun dina aplikasi Albeum.

Bewara

Bewara mere nyaho ka Anjeun ihwal kajadian sapertos bewara talatah anyar jeung

almenak oge kagiatan nu keur lumangsung sapertos ngundeur payil. Bewara

nembongan di bagean ieu:

Bar status

Panel bewara

Layar konci

33

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun muka atawa nutup panel Bewara

1

Muka panel Bewara, sered bar status ka handap, atawa cukup ngetok dua kali.

2

Pikeun nutup panel Bewara, sered atawa sintreuk panel ka luhur.

Saenggeus muka panel Bewara, Anjeun bisa ngakses Setelan gancang ku cara nyered bar

status ka handap deui.

Jang manglaku kana bewara dina Panel bewara

Ketok bewara.

Anjeun bisa langsung ngawaler paguneman atawa talatah surelek dina Panel béwara. Jang

ngarobah setelan pikeun bewara, gesek ka kenca atawa katuhu dina bewara, terus ketok .

Pikeun miceun bewara ti panel Bewara

Gesek bewara ka kenca atawa katuhu.

Teu sadaya bewara bisa dipiceun.

Jang ngagedean bewara dina Panel bewara

Cukup ketok pikeun ngagedekeun jeung nempo inpormasi nu leuwih loba

ngeunaan bewara tanpa muka aplikasi.

Teu kabeh bewara bisa digedean.

Pikeun mupus sadaya bewara ti panel Bewara

Ketok

PUPUS SADAYA .

Jang manglaku kana bewara ti layar konci

Ketok bewara na dua kali.

Pikeun ngaleungitkeun bewara ti layar konci

Gesek bewara ka kenca atawa katuhu.

Jang ngagedean bewara dina layar konci

Sered bewara ka handap.

Teu kabeh bewara bisa digedean.

Ngatur bewara di layar konci

Pinton kabeh eusi

bewara

Meunangkeun Kabeh bewara aktip di layar konci. Lamun Anjeun ngahurungkeun

setelan ieu, kudu inget yen kabeh eusi (kaasup eusi surelek jeung talatah obrolan nu

datang) bakal katingali dina layar konci Anjeun iwal Anjeun nandaan aplikasi na

kaasup

Sumputkeun eusi sensitip di menu setelan Bewara aplikasi.

34

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Sumputkeun eusi

bewara nu sensitip

Anjeun kudu nyetel PIN, kecap akses, atawa pola jang konci layar Anjeun supados

setelan ieu sadia.

Eusi disumputkeun dipintonkeun dina layar konci lamun datang

bewara penting. Contona, Anjeun bakal meunang bewara tina surelek atawa

obrolan, tapi eusina moal katingali dina layar konci Anjeun.

Ulah pinton bewara

ieu pisan

Anjeun moal meunang bewara naon wae di layar konci.

Cara milih bewara jang dipintonkeun dina layar konci

1

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

2

Téangan terus ketok

Setelan > Bewara.

3

Ketok , terus ketok

Dina konci layar.

4

Pilih hiji pilihan.

Anjeun bisa tetep mecenghulkeun bewara dina layar konci dugi ka ngagesek pikeun

ngaleungitkeun. Pikeun ngaktipkeun fitur ieu, ketok geseran

Tetep pinton bewara dina layar

konci.

Nyeting tingkat bewara jang aplikasi

Blokir sadayana

Ulah nampa bewara ti aplikasi nu dipilih.

Sora jeung geter pareum

Nampa bewara tanpa sora, geter, atawa mecenghulkeun tempoan.

Gangguan Utama hungkul Nampa bewara ti aplikasi sanajan Ulah diganggu disetel ka Prioritas wungkul.

Cara nyetel tingkat bewara jang aplikasi

1

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

2

Téangan terus ketok

Setelan > Bewara.

3

Pilih aplikasi nu dipikahoyong.

4

Ketok panggeser pikeun ngaluyukeun setelan bewara nu dipikahayang.

Lampu bewara

Lampu bewara ngabejaan Anjeun ngenaan status batre jeung kajadian sejenna.

Contona, lampu bodas nu kedip-kedip hartina aya talatah anyar atawa telepon lasut.

Lampu bewara diaktipkeun tianggalna tapi bisa dinonaktipkeun ku cara manual.

Lamun lampu bewara dinonaktipkeun, lampu eta ngan bakal hurung lamun aya panggeuing

status batre, contona, lamun tingkat batre dihandapeun 15 persen.

Cara ngaktipkeun atawa nganonaktipkeun lampu bewara

1

Tina layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Bewara > .

3

Ketok panggeser di gigireun

Lampu bewara pikeun ngaktipkeun atawa

nganonaktipkeun pungsi.

35

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.