Sony Xperia Z5 Compact - Nambahkeun inpormasi kontak medis jeung darurat

background image

Nambahkeun inpormasi kontak medis jeung darurat

Anjeun bisa nambahkeun jeung ngedit inpormasi darurat dina aplikasi kontak. Anjeun

bisa ngeusian inpo medis, sapertos alergi jeung obat nu ku Anjeun dileueut, ditambih

inpo ngeunaan kulawarga atawa babaturan nu bisa disauran upami aya dina kaayaan

darurat. Saentosna dieusian, inpormasi darurat Anjeun tiasa ditingali di layar konci

kaamanan. Jadi lamun layarna dikonci oge, contona, dikonci ku PIN, pola, atawa kecap

akses, pagawe kasehatan masih bisa ningali inpormasi darurat Anjeun.

1

Mulang ka layar Kontak utama

2

Tempo pilihan nu lain

3

Tab inpo pribadi jeung medis jeung kontak darurat

4

Inpo pribadi jeung medis

Cara nulis inpormasi medis Anjeun

1

Tina

Layar mimiti Anjeun, ketok , terus ketok .

2

Ketok .

3

Edit inpo anu dimaksud.

Pikeun nambah kontak Darurat anyar

1

Tina

Layar mimiti, ketok , terus ketok .

2

Ketok , terus ketok

KONTAK > Tambah kontak.

3

Ketok kontak anu Anjeun hoyong pake jadi kontak darurat.

Kontak darurat kudu boga sakurangna hiji nomer telepon supaya pagawe kasehatan bisa

nelepon. Upami alat Anjeun dikonci ku konci layar kaamanan, pagawe kasehatan ngan bisa

ningali nomer telepon kontak darurat, sanajan aya inpo sejen di aplikasi Kontak.